Sabtu, 14 September 2013

YA NAON HIKMAH DIBALIK SURAT ADZ DZARIYAT 51 : AYAT 15 - 23 ?

Bismilahirrohmanirrohiim. Mangga urang tingali aya naon dibalik surat Adz Dzariyat 51 ayat 15 - 23.

Ayat 15 : Jalma-jalma anu taqwa ka Allah teh, kasebatna jalma anu sukses.
Ayat 16 : Sagala sesuatuna ku Allah dilapangkeun, digampilkeun, di langsar, lungsur, longsor jeung lengserkeun, kumargi kapungkurna ( taqwana ka Allah teh istiqamah ) resep milampaah kahadean, amal saleh.
Ayat 17: Ngurangan sare ti peuting ( janten ulah saeutik-saeutik sare, saeutik-saeutik sare. Ari iyeu mah sarena ti peuting teh ngan saeutik / Sakedap )
Ayat 18 : Jeung dina waktu sahur kinten-kinten tabuh 02.30 nyuhunkeun hampura ti Allah tina sagala dosa perdosaanana, ngaraos ari manusa teh tempatna salah jeung dosa, janten nyuhunkeun dibersihkeun, disucikeun ku Allah.
Ayat 19: Harta benda anu tos aya di manehna teh ngaraos aya sabagian anu sanes milikna, ananging mangrupa titipan Allah kanggo jalma-jalma baramaen jeung anu barutuh ( tapi teu balaka )
Ayat 20 : Naon anu dilakonan ku urang kudu yakin kana diri urang sorangan
Ayat 21 : Naha salami ieu teh teu ditaliti yen Allah teh ngabantu ka urang sadayana, Janten ulah diaku ku urang sorangan, yen hasil rezki eta teh hasil tina urang sorangan, teteap aya bantuan ti Allah.
Ayat 22 : Rezki ti Allah teh aya anu nyata ( nya eta hujan, ku sabab hujan, tanah janten subur, cukul tatangkalan, buah-buahan jeung sajabana) , teras rezki anu teu katingali doa urang teh Insya Allah bakal di ijabah.
Ayat 23 : Janji Allah ka manusa ( Gusti Allah moal ingkar kana janjina ) naon anu diucapkeun ku urang sadaya bakal dibuktikeun ku Allah, alias doa urang bakal dikabul.

Sakitu mugi aya mangfaatna. Leresna ti Allah, lepatna milik abdi...hampura ka sadayana...utamina mah ka Allah Gusti anu murbeing alam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar