Sabtu, 14 September 2013

AYA NAON HIKMAH DIBALIK SILATURAHMI TEH ?

Sillah hartosna ngahubungkeun. Ari rahmi atawa rahim teh hartosna kandungan. Janten silaturahmi teh hartosna duduluran, sasaderekan. Sabab ari manusa mah sadayana oge asal tina kandungan anu hiji nyaeta kakandunganana Siti Hawa bojona Kanjeng Nabi Adam as.

Rahim tiasa oge dihartoskeun kanyaah atawa kadeudeuh. Ku sabab kitu teu lebet silaturahmi lamun teu didasaran ku kanyaah atawa kadeudeuh. Malah rahim teh salah sawiyos jenengan Gusti Allah sakumaha dawuhan Allah dina Hadits Qudsi nyaeta , " Kaula teh Arrohman, jeung ari rohim ku kaula dipisahkeun tina ngaran kaula baris ngahubungkeun diri jeungg manehna, tapi sing saha anu megatkeun silaturahmi kaula oge baris mutuskeun hubungan jeung manehna " ( H R Bukhari Muslim )

Salajengna dina Hadits riwayat Ahmad sareng Tabrani disebatkeun, " Pangsaena jalmi nyaeta anu pangtaqwana ka Gusti Allah, anu panggetolna silaturahmi, anu kersa nitah atanapi ngajak kana kahadean, jeung nyegah tina kajahatan "

Malahan Allah tos ngajangjikeun sing saha anu kersa silaturahmi baris dolobakeun rezkina jeung dipanjangkeun umurna ( H R Muslim )

Sawangsulna pikeun jalma anu megatkeun duduluruan, mutuskeun sasaderekan, megotkeun silaturahmi, sanajan ibadahna getol, Allah nyawiskeun siksa pikeun manehna, malahan moal tiasa asup ka sawargana Allah, Dawuhan Kanjeng Nabi saw :  LA YAD KHULAL JANNATA QOTHO'AH anu hartosna , " Moal asup ka suwarga jalma anu megatkeun silaturahmi "

Tidak ada komentar:

Posting Komentar