Senin, 23 September 2013

SIFAT JALMA ANU SAMPURNA ( INSAN KAMIL )

Gusti Allah ngadawuh dina Q.S Al Isra 17 : 70 nya eta

وَلَقَدْ كَرَّمْنَا بَنِي آدَمَ وَحَمَلْنَاهُمْ فِي الْبَرِّ وَالْبَحْرِ وَرَزَقْنَاهُمْ مِنَ الطَّيِّبَاتِ وَفَضَّلْنَاهُمْ عَلَىٰ كَثِيرٍ مِمَّنْ خَلَقْنَا تَفْضِيلًا [١٧:٧٠]

Anu hartosna, " Jeung satemen-temenna Kaula geus ngamulyakeun ka anak-incu Nabi Adam. Kaula geus anu ngangkut maranehanana di daratan  ( make tutumpakan ) jeung lautan ( make parahu atawa kapal ). Kaula geus mere rezki anu aralus / ngareunah ka maranehanana anu sampurna pisan, ngaleuwihkeun ka maranehanana anu sampurna pisan, ngaleuwihan ti kalolobaan mkahluk Kaula "

Sadaya puji mangga urang sadaya sanggakeun ka Gusti Allah anu parantos ngadamel manusa ( katut urang sadaya ) ku pangsaena adegan sarta pangkumplitna parabot hirupna, nya eta anggota badan anu mangrupa-rupa gunana, sarta dipasihan akal pikeun mikir dina ngatur hirup kumbuhna, beda sareng makhluk-makhluk anu sanesna.

Kumargi kitu manusa teh, lamun urang sadaya mangfaatkeun eta parabot hirupna sakumaha mestina . Insya Allah urang sadaya tiasa janten manusa  pang mulya-mulyana di alam dunya, komoh deui di akhiratna. Sawangsulna lamun urang teu tiasa, balukarna janten makhluk anu panghina-hinana, langkung hina ti batan sato

Tidak ada komentar:

Posting Komentar