Sabtu, 14 September 2013

AYA NAON KANA FAKIR, MISKIN, JEUNG ANAK YATIM ?

Fakir miskin, anak yatim mangrupakeun amanat Allah ka kaum aghniya, hartawan jeung dermawan. Allah parantos nitipkeun ka nu baraleunghar, anu kaleresan kenging kapercayaan ti Gusti Allah pikeun nyekel harta harta anu berlimpah, oge ka para dermawan yen anu aya di maranehanana teh mangrupakeun amanat Allah, kedah disalurkeun ka fakir, miskin, anak yatim, ibnu sabil , nulung kanu butuh nalangan kanu susah kucara ngaluarkeun zakat, infaq jeung sodaqah sangkan kaum fuqaha wal masakin tiasa ngiring menikmati kagumbiraan, kacepretan rezki ti Allah anu dititipkeun di kum hartawan jeung dermawan.

Kahade ulah sampe ka kaum anu baraleunghar jeung dermawan nyontoh karakter qorun . Qorun teh dipasihan harta berlimpah ku Allah,ngan kitu sifatnya kikir jeung bakhil, akhirna maranehanan kenging bendu ti Allah, cilaka akibat ti hartana sorangan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar