Jumat, 20 September 2013

AGAMA ANU SAMPURNA

Para pamiarsa sadayana lamun ku urang ditalungtik,

Agama Islam teh pohara sampurnana, 

sabab dijerona teh ngawengku kana sugrining aturan hidup manusa, 

boh pikeun ngurus pribadi masing-masing ngurus kamasyarakatan, ngurus kanagaraan 
katut sugrining elmu pangaweruh anu dipikabutuh ku manusa kabeh.

Pidawuh Allah dina Q.S Al Maidah 5 : 3 nya eta :

الْيَوْمَ أَكْمَلْتُ لَكُمْ دِينَكُمْ وَأَتْمَمْتُ عَلَيْكُمْ نِعْمَتِي وَرَضِيتُ لَكُمُ الْإِسْلَامَ دِينًا   anu hartina :


“ Dina poe ieu Kaula geus nyampurnakeun pikeun maraneh agama maraneh jeung Kaula geus nyukupkeun ka maraneh nikmat Kaula jeung Kaula sugema pisan Islam jadi agama maraneh “.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar