Sabtu, 14 September 2013

TATA TITI TINA NEBARKEUN SALAM

Aya sababaraha tehnis dina ngucapkeun salam, utamina mah ka saha wae anu kapendak jeung urang nya kudu ngucapkeun salam, ti nu aralit ka nu ageung, ti nu sakedik ka nu seueur, ti nu mapah kanu cicing, ti nu make kandaraan ka nu cicing atanapi kanu keur leumpang.

Dina shalat hukum salam teh wajib sabab kalebet rukun shalat, Lamun urang shalat teu ngucapkeun salam berarti shalatna teu sah.

Ieu hiji buktos kumaha pentingna jeung kumaha utamana ajen salam. Sabab ku salam hartosna urang parantos ngahubungkeun diri ka sapapada manusa ( hamblum minannaas ). Sedengkeun ku takbiratulikhrom hartosna urang parantos ngahubungkeun diri ka Gusti Allah ( hablum minallah )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar