Sabtu, 21 September 2013

IMAN TEH BEBENTENG TINA SAGALA KAGORENGAN

Jaman ayeuna teh kasebatna tos jaman era blobalisasi cenah, jaman berteknologi canggih, jaman kamajuan, jaman paloba-loba ngumpulkeun harta, jaman parebut kursi singgasana, jaman parebut jabatan.

Malahan teu kirang-kirang jalma anu dina ngarah harta bendana teh, nepi nganggo jalan anu dzalim, anu diharamkeun ku Allah sapertos korupsi, manipulasi, maling, ngajual narkoba, ngajalankeun riba, judi, ngarampog, jambret, ngabunuh, jeung sajabana, geus poho kana jalan anu bener.

Lamun urang teu ngagaduhan iman anu kuat tinangtu kagoncangan hate moal tiasa kabendung, anu temahna matak nyilakakeun . Anu matak urang sadayana kedah syukuran ka Allah parantos dipasihan bebenteng kanggo nyinglarkeun hal-hal anu bakal nyilakakeun urang sadaya .

Tidak ada komentar:

Posting Komentar