Senin, 23 September 2013

SALAM BAKTOS KA SADAYA KASEPUHAN

Wilujeng patepang deui sareng abdi, mugi urang sadayana aya dina ginanjar kawilujengan , oge mugi urang sadaya kalebet kana jalmi-jalmi anu seueur nyukuran kana sagala niikmat Gusti Allah anu parantos dipaparinkeun ka urang sadaya oge teu kakantun para bapak anu ngayuga urang sadayana miwah para ibu anu ngandung urang sadayana.

Mugi salawat lan salam dikintunkeun ka junjungan urang sadayana nya eta Kanjeng Nabi Muhammad saw,, oge ka kalawargana,ka para sahabatna, oge ka para pangikutna anu masih satya ka aranjenana.

Bulan Hapit parantos bade seep, ayeuna bade mayunan bulan Haji, mangga urang sadaya hormatan, kumargi dina bulan ieu aya anu janten picontoeun urang sadaya nya eta pangorbanan Kanjeng Nabi Ibrahim kenging parentah ti Allah, dipiwaranbg meuncit kanu jadi anak nya eta Kanjeng Nabi Ismail.

Ku kituna mangga urang sareng2 kaji diri, pangorbanan urang sadaya ka nu janten kolot teh kumaha ? Heg urang sadaya sing getol ngadoakeun indung jeung bapa urang sadaya, supados kenging karidoan ti Allah swt

Tidak ada komentar:

Posting Komentar