Sabtu, 14 September 2013

SHALAT TAHAJJUD- SHALAT LAIL

Sing saha ti peuting dimana batur keur sarare tibra, manehna ngelehan maneh sanajan tunduh atawa tiris, maksakeun hudaidang ti peuting malah tos dibiasakeun ngalaksanakeun shalat tahajjud, etah jalma tos keningih hidayah ti Allah, ngabuktikeun kumaha deukeutna hiji muslim ka Gusti Allah.

Shalat tengah peuting baris karasa khusyu' jeung nikmatna, teras Gusti Allah teh karasa kacida caketna. Rengse shalat bruh breh laku lampah anu pernah dipigawe ( dilakonan) tadi pabeubeurang, lamun aya katingali laku dosa maranehna geura maos istghfar ka Gusti Allah bari nyuhun panyalindungan sangkan isukan ulah kasorang deui. Pikeun jalma kieu pantes tur payus upami Gusti Allah ngajangjikeun ganjaran suwarga ka aranjenna.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar