Sabtu, 21 September 2013

MANGGA PILIH NAON ANU DIPIKARESEP

Umat Islam bangkit tapi aya deu kabangkitan teknologi elektronika, nya eta sarana Facebook, google, cahttingan jeung sajabana.

Lamun dianggona kanggo kasaean, duduluran, komunikasi, nu sadayana bersifat positif mah aralus,tapi seuseueurna dianggo kanggo negatif.

Sanes eta wae, naon bae anu tos dikapimilik ku urang , oge aya sisi positif jeung negatif na, eta mah tergantung urangna sorangan. Rek dianggo kahadean , hadena keur urang sorangan, rek dianggo kagorengan oge, gorengna teh keur urang sorangan.

Ku kituna sim kuring pesen ka sadaya karolot  anu gaduh murangkali, mangga sing ati-ati dina ngabimbing, ngamati bararudak, kahade ulah sampe taledor.

Ari dirorompok mah, subhanallah alimna luar biasa. Ananging begitu kalur ti imah, prilakuna robah 180 darajat, jadi buraongna luar biasa.

Meureun da tos biasa diluar  anu matak tos janten luar biasa. Ngan hanjakalna teh ngarah kana kagorengan, sanes kahadean. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar