Kamis, 31 Oktober 2013

KUMAHA CARA BAKTI URANG KA ALLAH



Ari bakti ka Allah teh nu model kumaha nya ?
 Bakti ka Allah teh mangga urang sareng-sareng laksanakeun naon anu jadi parentah-Na, jeung urang kudu ngajauhan naon anu dilarang ku Anjeun-Na., disarengan ku rido kana sagala hukum jeung aturana-Na, boh anu aya dina kitab Al Qur'an, atanapi sunnah Rasul-Na.

Ari bakti ka kaluwarga teh anu kumaha ?
Ari bakti ka kaluwarga teh nya eta anak pamajikan teh amanah jeung titipan Allah . Tos janten kawajiban urang sadaya eta teh kudu dijaga, dipelihara, ulah we dilara wora. Ulah sampe Gusti Allah teh bendu. Da eta oge sami ciptaan Allah. Pasihan kadaharan anu tina rezki halal. Ulah sampe rezkina teh kenging korupsi, nipu, judi, riba, ngagarong jeung sajabana. Lamun urang ngalaksanakeun sepertos kitu, eta sami we urang masihan racun ka kaluarga.

Ari bakti ka agama Allah sih anu kumaha ?
Mangga urang sareng-sareng nyiarkeun agama urang, terutama kanggo pribadi heula anan. Ulah sampe mamatahan dulur jeung batur bisa , ari sorangan masih badung keneh, masih buraong  keneh. Agama anu di anut ku urang teh lain keur mitnah jeung zalim ka sasama, tapi keur nyampurnakeun nu parantos Allah pasihkeun ka urang sadayana, nya eta urang teh parantos dijantenkeun makhluk anu mulya di alam dunya. Tah ku kituna mangga urang jaga kumaha carana supados urang teh tetep mulya mungguhing Allah.

Ari bakti ka masyarakat sih kumaha ?
Hayo urang hirup babarengan silih asah, silih asih, silih asuh ka sasama, ulah ngadamel kekacauan, kaributan, karusakan di bumi na Allah. Urang silih hormatan, silih hargaan, silih tulungan. Nulung kanu butuh, nalang kanu susah. Urang sadaya kedah tiasa hirup ngahiji jeung alam oge jeung sapapada jalma. Ulah sampe urang gaul teh pilih -  pilih. Gusti Allah bae teu ngabeda-beda ka sadaya hamba-Na. Anjeuna teu ningali bentuk jeung rupana, teu ningali penampilan urang, anu ditingali teh hate urang. Kumargi kitu urang ulah sampe nyalahkeun batur dina hal ibadah. Paurna cek urang salah, bisi cek Allah teh bener, atanapi cek urang benar, bisi cek Allah teh salah.

Ari bakti ka bangsa jeung negara sih anu kumaha ?
Urang hirup di Indonesia, hartosna urang teh bangsa Indonesia. Da negara urang teh nagara Indonesia. Hayo urang jaga nagara urang. Ulah sampe urang nyoreng nagara urang sorangan. Cenah nagara urang teh mayoritas agamana Islam. Beu , naha geuning korupsi di nagara urang teh subur makmur. Nagara urang teh nagara hukum, naha geuning anu seueur ngalanggar hukum teh, anu tos bener-bener paham kana masalah hukum. Ieu nagara teh rek dibawa kamana ? Eta teh saruwa jeung teu ngahargaan para pahlawan anu kapungkur parantos berjuang supaya bebas tina penjajah, sampe korbana teh harta bandana oge nyawana. Ari ayuena pada rebutan warisan tanah, hasil bumi, ku ngadirikeun mangrupa-rupa perusahaan, anu eusina kanggo kapentingan pribadi, kaluarga, atanapi golongan, lain keur kasejahtaraan penduduk. Naudzubillah min dzaalik .

Tidak ada komentar:

Posting Komentar