Kamis, 31 Oktober 2013

NIKMAT ALLAH KANGGO MANUSA KABEH ANU AYA DI ALAM DUNYA

Para pamiarsa sadaya mangga urang tingkatkeun taqwa urang ka Gusti Allah, ulah sampe urang nonggongan ka Gusti Allah .Salah sahiji urang anu kudu dilaksanakeun nya eta syukuran  ka Gusti Allah anu parantos maparingan seueur kanikmatan ka urang sadaya. Caranya kumaha ? Carana nya eta mangga urang kanikmatan eta ka jalan anu dipikarido ku Allah.

Gusti Allah ngadawuh dina Q.S Ibrahim 14 : 34 nya eta :

 وَإِنْ تَعُدُّوا نِعْمَتَ اللَّهِ لَا تُحْصُوهَا ۗ إِنَّ الْإِنْسَانَ لَظَلُومٌ كَفَّارٌ [١٤:٣٤] 

anu hartina , " Jeung lamun aranjeun ngitung-ngitung nikmat Allah pasti moal kaitung "

Estu seueur pisan nikmat anu parantos katampi ku urang teh, unggal dintenna, lamun di itung estu moal kaitung. Janten syukuran teh mangrupakeun kawajiban urang sadaya, teu tiasa ditawar-tawar deui. Lamun cai laut dijieun tinta, kabeh tatangkalan dijieun pulpen , pikeun nuliskeun sagala nikmat Allah, estu moal pimahieun. Tong boro ngitung nikmat sakabehanana, dalah karek ngitung nikmat anu aya di salira urang.

Naha urang tiasa ngitung nikmat anu asup ka beuteung urang, tiasa moal ? Hanjakal urangna we kadang-kadang poho kana eta nikmat. Rarasaan teh anu urang we, jeung meunang hese cape urang sorangan, padahal hakekatna mah pamasihan ti Gusti Allah anu welas tur asih ka urang sadayana.

Ayeuna urang dipasihan nikmat nagbogaan umur. Eta teh kacida pentingna keur urang, sabab dipakena ku urang unggal dinten. Ku ayana kitu, hargana moal bisa diukur ku harta, moal tiasa kaitung ku tumpukan duit  jeung emas.

Ku sabab eta lamun seug Gusti Allah manjangkeun umur urang nurutkeun wajarnya umur manusa kiwari, mangka sakuduna urang ngucap syukur ka Gusti Allah ku jalan ngagunakeun sesa umur urang pikeun taat jeung bakti ka Anjeuna dina bakti anu murni, anu sabenerna babakti, nya kita bakti ka kaluwarga, masyarakat, agama, bangsa jeung nagara. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar