Jumat, 04 Oktober 2013

ANGANDIKA IMAM AL GAZALI



Imam Gozali geus ngandika jalma-jalma anu dipikadeudeuh ku Allah teh aya opat nya eta ;

1. kenal kana dirina
2. kenal kana anu nyiptakeun maranehanana nya eta Allah
3. kenal kana dunyana
4. kenal kana akhiratna

1. Kenal kana dirinya. Maksadna ari ayana urang teh naha langsung aya di dunya , naha kumaha ? Pasina urang sadaya gumelar di alam dunya ieu teh aya anu nyiptakeun urang, aya anu ngahirupkeun urang, aya anu masihan kahirupan ka urang sadaya, aya anu nangtayuman urang sadaya nya eta Gusti Allah anu Maha Kawasa

2. Kenal ka Allah anu parantos nyiptakeun urang, terang naoun anu dipikahoyong ku Allah, anu dipikaresep ku Allah, anu teu diridoan Allah, anu Allah bakal bendu, anu bakal Allah ngalaknat. Urang sadayana asalna ti Allah. D dunya teh moal lami, ngan sakrejep. Itung-itung kontrak. Lamun kontrak hirup urang tos tamat pasti urang dicandak mulih ka Allah. Awal na ti Allah, uihna oge nya ka Allah.

3, Kenal ka dunyana, Ari harata banda anu tos dipikamilik ku urang teh , naha geus yakin meunang urang sorangan, naha aya ngabantu. Lamun tos diaku meunang sorangan eta teh salah gede pisan. Urang teh aya anu ngabantu nya eta Gusti Allah. Anumawi urang teh ulah sok adigung adiguna kana naon wae jeung ka saha bae. Urang teh kedah sadar diri, kedah rumangsa, sadaya anu aya di urang teh kagungan Gusti Allah anu Maha Kawasa

4. Kenal ka akhiratna. Akhirat teh kahirupan anu pungkasan, anu pang akhirna. Teau aya deui kahirupan saparantos akherat. Ayana urang di alam dunya teh dipiwarang nyiar bekel keur kahirupan akhirat. Gusti Allah teu mastikeun yen urang teh kudu nurut ka Gusti, teu pisan-pisan. Ngan Gusti Allah mah ngan masihan jalan, iyeu jalan anu hade , sing saha daek, heg laksanakan , hasilna meunang kabagjaan. Sing saha teu kersa kana jalan hade, hoyongna jalan anu goreng patut, heg ! Laksanakeun ananging akhirnya engke bakal mendakan cilaka jeung sangsara meunang siksa jeung azab ti Allah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar