Jumat, 08 November 2013

MANGFAATKEUN HIRUP SAMEMEH MAOT DATANG

Kanjeng Nabi Muhammad saw , " Mola leungit tapak leumpang hiji hamba dina poe kiamat sahingga ditanyaan ka manehna opat perkara : 1. Tina hal umurna geus dipake naon ; 2. Tina hal awakna dikumahakeun ; 3 Tina hal elmuna dipake amal naon ; 4. Tina hal hartama digunakeun jeung dibalanjakeun kana naon. ( HR. Turmudzi ).

Keur manusa anu iman ka Gusti Allah tangtu percaya tur yakin yen dina hiji mangsa dimana ajal geus datang, raga pisah jeung nyawa, tuluy mulang ka rahmatullah pikeun mempertanggung jawabkeun sagala pagaweanana di payuneun Allah; pasti hirupna di alam dunya baris ati-ati, sagala pagaweanana baris ditujukeun kana hal-hal anu bakal ngadatangkeun paha jeung karidoan Allah swt. Umurna moal beak balas dipake maksiat, dipake doraka ka Gusti Allah atawa dimonyah-monyah sakahayang nafsuna.

Kanjeng Nabi Muhammad saw masihan amanat ka urang sadaya dina raraga mangfaatkeun sesa umur urang sadaya  gunakeun lima kasempetan samemeh datang lima perkara nya eta : 1. Gunakeun mangsa sehat anjeun samemeh anjeun gering ; 2. Gunakeun sahade-hadena waktu nyalse samemeh anjeun riweuh ; 3. Gunakeun mansa anjeun keur ngora samemeh anjeun kolot ; 4. Gunakeun mangsa anjeun beunghar samemeh anjeun fakir ; 5. Gunakeun mangsa anjeuh hirup, samemeh datang maot.

Ku kituna hayu ku urang sadayana gunakeun ieu sesa umur urang sadaya pikeun ngomean laku lampah urang anu kurang atawa salah boh nurutkeun papagon agama atawa nagara, laku lampah anu hade , anu bener tur lempeng sangkan urang sadaya tinemu jeung kabagjaan dunya jeung kasalametan di akherat.

Duh Gusti mugi Gusti nutup umur abdi ku " Khusnul Khatimah " panungtungan anu sae, sareng mugi Gusti ulah nutup akhir hirup abdi ku ka awonan. Nun Gusti, abdi teh kacida sieuna ku hiji dinten anu teu aya mangfaatna dina eta dinten harta abdi, turunan abdi, tur moal aya anu nulungan ka abdi anging Anjeun nyalira. Nun Gusti, mugi Gusti nampi amal abdi sadaya janten kasaean, sareng mugi ngahapunten kana sugri kakirangan sareng kalepatan sadaya kaum muslimin muslimat boh anu masih keneh hirup atanapi anu parantos maot. Nun Gusti , mugi gusti ngabulkeun naon anu janten kahoyong abdi. Sadaya-daya ku kersa, izin jeung ridona Gusti Allah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar