Selasa, 18 Februari 2014

PERTANGGUNG JAWABAN OPAT PERKARA



Dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad saw, “ Moal leungit tapak leumpang hiji hamba Allah dina poe kiamat, baris ditanyakeun ka manehna opat perkara nya eta: 1. Tina umurna geus dipake naon ; 2.  Tina hal awaknya dikumahakeun ; 3. Tina hal elmuna dipake amal naon ; 4. Tina hal hartana digunakeun jeung dibalanjakeun kana naon.  ( HR Tirmidzi )


Ya Alah Gusti mugi Gusti maparingan pituduh jeung ilham ka abdi sadaya supados abdi tiasa menfaatkeun umur anu parantos Gusti pasihkeun ka abdi ; 

Mugi Gusti maparingan jalan kahadean dina abdi sadaya ngagunakeun raraga abdi ti luhur sausap rambut dumugi ka handap sausap dampal ; 

Mugi Gusti maparingan abdi kakiatan supados amdi tiasa ngamalkeun elmu ti Gusti kanggo kamaslahatan sarera ; 

Mugi Gusti masihan pituduh ka abdi sadaya supados abdi tiasa ngagunakeun harti ti Gusti supados kenging karidoan Gusti, oge masihan jalan supados abdi tiasa ngabalanjakeun harta abdi kana  kahadean anu dipikarido ku Gusti.

 Aaaamiin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar