Jumat, 21 Februari 2014

DOSA GEDE JEUNG LALEUTIK


Tilu rupa dosa gede dina beuteung urang nginum inuman keras nyaeta arak jeung sabangsana , narkoba anu bisa ngaruksak akal manusa, ngadahar duit renten ( riba ), jeung ngadahar harta budak yatim ;

Dua rupa dosa gede dina faraj atawa farji nyaeta ngalakukeun zina, jeung liwat ( homosek )

Dua rupa dosa gede dina leungeun urang kayaning maehan, , maling, ngarampok, jeung nyopet.

Dua rupa dosa gede dina suku urang nyaeta lumpat atawa kabur ti paperangan, ngalengkah ka tempat maksiat

Dua rupa dosa gede dina sakabeh anggota badan urang nyaeta doraka ka indung jeung bapa.


Dosa leutik oge bisa jadi dosa gede kulantaran sababaraha sabab nyaeta : 

1. Dibiasakeun ngalaksanakan dosa leutik ( terus-terusan ), anu akhirna jadi gede ; 

2. Nganggep remeh atawa nganggep enteng kana dosa leutik ; 

3. Ngarasa bungah ngalaksanakeun dosa leutik, nepi ka teu ngarasa yen eta teh dosa ; 

4. Nganggap sepi, atawa euweuh kasieun ku siksa Allah ku lantaran migawe dosa leutik, sabab Allah can ngabuktikeun siksaan di alam dunya ieu ; 

5. Wani ngalaksanakeun dosa leutik sacara terang-terangan di hareupeun jalma loba, malahan ngahaja hayang katangar ku batur ; 

6. Dosa leutik anu dipigawe ku jalma ngarti, ieu oge  bisa robah jadi dosa gede.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar