Kamis, 20 Februari 2014

DOA KEUR DIRI, KOLOT, JEUNG ANAK INCU

Ieu doa sanes ti Abdi tapi ti Allah, Ieu dua wajib diaos ku sadaya jalmi anu ngaraos janten manusa. Lamun lain manusa mah ulah. Ari wajibna Allah teh, dilaksanakeun aya ganjaran, lamun ditinggalkeun siksaan. Komoh deui ieu dua keur kolot urang sorangan, Teu diaos , waduuh janten anak durhaka. Bilih hoyong yakin deui mangga tingali dina QS surat Al Ahqaf (46) ayat 15 :

Duh Gusti Anu Maha Agung jeung Maha Kawasa, mugi Gusti maparingan pituduh ka abdi supados abdi tiasa nyukuran kana sagala kanikmatan Gusti anu parantos dipaparinkeun ka abdi, oge ka indung anu ngandung abdi , oge pun bapa anu ngayuga abdi


Duh Gusti mugi Gusti maparingan pituduh ka abdi supados abdi tiasa ngalaksanakeun amal soleh anu dipikarido ku Gusti.

Mugi Gusti maparingan kahadean ka abdi anu tiasa ngocor teras - terasan dumugi ka anak incu abdi

Mugi Gusti ngahampura kana sagala kasalahan jeung dosa-dosa abdi

Abdi seja pasrah ka Gusti

Jeung tobat ka Gusti

Leuwih alus deui samemeh maos doa eta diawalan ku urang sadayana maos solawat ka Kanjeng Nabi Muhammad saw, nandakeun rasa syukur urang ka aranjeuna.

Jeung maos istighfar, keur ngabersihkeun diri urang tina sagala kakhilafan urang, kalepatan urang jeung dosa-dosa urang.

Susuganan wae lamun ieu diaos ku urang Allah bakal ngalangsar, lungsur, lengser jung longsorkeun ridona ka urang sadayana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar