Kamis, 20 Februari 2014

NAON ARI DOSA ANU GEDE JEUNG LEUTIK TEH ?

MACEM-MACEM DOSA GEDE JEUNG LEUTIK

Ari manusa teh tempatna salah jeung dosa. Aya opat sifat anu ngadorong manusa berbuat kana dosa nyaeta : 1. Sifat rububiyah ( sifat kapangeranan ); 2. Sifat syaitan ; 3. Sifat sato hewan ( sifat bahimiyah ) ; 4. Sifat sato galak ( sifat sabulyah )

Sifat kapangeranan anu aya di diri manusa contona : takabur, adigung adiguna pedah luhur kuta gede dunya, anu sejen ku manehna dianggap laleutik tur aya di sahandapeunana. Terus sifat ujub, ngarasa diri panghebatna loba kabisa, anu sejen dianggep bodoh kabeh , teu ngabogaan kanyaho. Aya deui manusa ngabogaan sifat pupujieun, sagala ferak tingkah lakuna, naon anu diamalkeun teu aya deui anu ditengan ngan hayang dipuji ku batur, ku jalma anu liyan., Aya deu manusa anu ngabogaan sifat hayang hirup langgeng, seneng salawasna, jadi pangawasa salawasna. Kabeh eta anu kasebut sifat kapangeranan. Ulah sampe ieu watek dipake ku urang, ulah diturutan ku urang.

Sifat syaitan anu aya di diri manusa nya eta resep milampah pidorakaen, cotonya hasud, gawena ngan syirik pidik wae, teu resep lamun aya batur hirupna ngaleuwihan manehna, ngabenci ka batur anu hirupna leuwing seneng ti manehna. Teris sifat curang jeung nipu, ngajakna kana kagorengan wae, teu daekeun milampah kahadean .

Ari sifat sato hewan ( sifat bahimiyah ) anu di diri manusa nyaeta sifat toma, hawek , nurutan nafsu syahwat anu teu bisa dikandalikeun, nyokot hak batur, teu toloh halal atawa haram, pokokna beuteungna asal seubeuh wae.

Ari sifat sato galak, jalma anu model kieu tega maehan sagala, gawena ngan ambek wae, ngan hayang nyilakakeun batur wae.

Tina opat sifat ieu sumebar ngarengkah jadi rupa rupa dosa anu dilakukeun ku manusa ,aya anu dosa gede aya anu dosa leutik

Lamun dibagi kana garis badagna rupana dosa dibagi kana dua bagian, nyaeta dosa antara manusa jeung pangeranana, jeung aya deui manusa jeung manusa sejenna.

Dosa aku aaya kaitanna antara manusa jeung manusa diantarana teu ngaluarkeun zakat, maehan batur, zalim ka batur, ngaruksa kahormatan batur, ngarampas hak batur, ngalanggar kana hak-hak umum, boh ngeunaan dosa antara harta, jiwa, agama jeung sajabana.

Nurutkeun katerangan Imam al Ghazali jumlah dosa gede teh aya 17 rupa, sedengkeun dosa leutik mah kacida loba pisan.

Tujuh belas dosa gede dibagi nurutkeun  tempatna atawa anggota badan urang anu milampah nyaeta :

Opat rupa dosa gede ayana dina hate manusa ( urang ),nyaeta: syirik, langgeng milampah maksiat, putus harepan tina baris meunangkeun rahmat Allah, jeung ngarasa aman tina ancaman siksa Gusti Allah ;


Opat rupa dosa gede aya dina lesan urang nyaeta : jadi saksi palsu atawa bohong, nuduh jalma hade milampah zina, jadi tukang sihir atawa tukang ramal, jeung sumpah palsu ;

Tidak ada komentar:

Posting Komentar